Béjér Pangajén Déwan Juri Pasanggiri Film Péndék Basa Sunda Piala Duduh Durachman – PPSS Taun 2022

Aya 64 judul film péndék anu diajén ku déwan juri dina pasanggiri Péndék Basa Sunda taun ieu. Tina sisi kuantitas, leuwih undak ampir 100% ti taun kamari anu jumlah filmna 33 judul. Tangtu baé matak pikabungaheun. Lantaran ku undakna réspon kréator film péndék Sunda mangrupa pangjurung ka panitia sangkan leuwih daria dina ngokolakeun pasanggiri mangsa nu baris datang.
Hanjakal pisan, sanajan tina jumlah patandang nérékél pisan, tapi tina sisi kualitas mah kaitung nyirorot dibandingkeun jeung film péndék Sunda taun 2021. Basa taun 2021 mah déwan juri kawilang ragot madungdengkeun calon pinunjul, lantaran kualitas karya-karyana anu mémang pinunjul. Pikeun nangtukeun pinunjul kahiji, antara film péndék Citangis Rastri jeung Blék Wolét rada papanjangan hog-hagna. Pon kitu deui basa nangtukeun pinunjul katilu,  antara Renggana, Si…!, jeung Jeruk, leuwih ragot deui.
Dina taun ayeuna, daék teu daék, déwan juri ngindung kana standar kualitas lomba film péndék taun 2021. Kalayan teu boga niat ngamomorékeun karya anu diajén dina taun ieu, dina kanyataanna mémang kualitasna taya nu sabanding jeung 3 judul film anu jadi juara dina taun 2021.
Tina sisi carita, taya nu nyosok jero. Carita biasa, malah bisa disebut geus klise. Rumus carita umumna ngasongkeun konflik ajén-inanjén kalayan  prinsip suspense, surprise, atawa curiosity (rasa panasaran hayang nyaho pamustunganana siga kumaha). Tina tilu prinsip éta, taya nu nyongcolang dina ngolah nuansa anu “tegang”, “matak ngaranjug”, atawa “ngahudang kapanasaran”.
Padahal, film-film anu diajén ku déwan juri téh loba anu jejerna “puriding puringkak” atawa sebut baé film jurig. Tangtu baé ngagarap film jurig téh lain perkara anu gampang. Kurang-kurangna serius mah kalah jadi pikaseurieun, lain pikasieuneun. Pon kitu deui dina ngolah lalakonna, henteu saukur “nyingsieunan nu lalajo”, tapi kudu jelas ngoah struktur dramatikna.
Film-film péndék saperti Domba Syétan, Sanékala, Sandékala Atang, Nu Mulang ti Dayeuh, jeung sajabana, tacan pati karasa nuansa pikakeueungeunna. Daék teu daék, nu ngaranna fim jurig mah nya nuansana kudu karasa keueung atawa geueuman. Lain kudu némbongkeun tokoh mahlk anu wujudna pikagilaeun, tapi anu leuwih penting mah tangtu baé struktur dramatik nu ngawangun lalakon sangkan karasa geueuman. Misalna dina film péndék Nu Mulang ti Dayeuh, karasa keueung téh justru dina adegan Imas nu keur narima telepon ti Maman. Maman méré iber ka Imas yén manéhna tacan bisa mulang, lantaran ngabantuan heula babaturanana. Padahal anyar kénéh Imas sapatemon jeung  Maman di jero kamar.
Lebah dieu, kudu diaku yén film anu hadé salawasna bakal dimimitian ku naskah skenario anu asak. Lamun Garapan film teu ngagunakeun naskah nu asak, alias leuwih ngandalkeun improvisasi, tangtu hasilna ogé bakal kaukur. Ninggang kana film péndék anu durasina ogé kawatesan pisan, tangtu wé adegan-adegan téh kudu leuwih pepek, leuwih padet, nyingkahan dialog atawa monolog nu teu pati penting, sarta adegan-adegan anu saukur matak ngayayay.
Aya hiji-dua judul film péndék anu nyiar tarékah ngaékranisasi tina carita pondok jeung fikmin, saperti Jang Oman, Duét Maut, Kaasih, jeung saabaraha judul séjénna. Hanjakal henteu dibarengan ku kapunjulan dina instrumén film séjénna, saperti tina sisi kaaktoran, tata kaméra, artistik, editing, jeung sajabana.
Sabalikna, aya anu punjul dina kaaktoran, tata kaméra, artistik, tapi story telling jeung struktur dramatikna henteu nyugemakeun, lantaran héngkérna carita. Taya nu matak gereget salian ti resep ngabandungan aktorna. Ari film pan kudu ramé. Saméméh kana nanaon ogé, nu lalajo film mah pasti nanyana: ramé teu filmna? Contona, aktor dina film Domba Syétan, Saba Mangsa, Ngangkleung, éstuning matak ngirut. Éktingna hararadé, natural, pararunjul, tapi hanjakal caritana henteu pati ngirut.
Dina hal “lalakon carita” anu dipidangkeun dina film-film péndék taun ieu, déwan juri nyieun catetan anu kawilang penting keur pasanggiri taun hareup. Sabada ditengetan kalayan gemet, pasanggiri film péndék taun 2023 mah naskah pilihannna mending dibalikeun deui siga pasanggiri taun 2021, nyaéta panitia nu nyayagikeun carpon-carpon pinilih pikeun diékranisasi jadi film péndék. Komo deui anu ngayakeunna PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda), anu saban ngagelar kagiatan perelu aya korélasina jeung kalumangsungan sastra Sunda.
Pikeun nangtukeun pinunjul kahiji jeung kadua, sakabéh déwan juri taya nu ngasongkeun film péndék anu pipanteseun dilélér Piala Duduh Durachman. Deui-deui, rujukanna kualitas peserta film péndék taun 2021. Ku kituna, sapuk, euweuh juara kahiji jeung kadua.
Laju kana calon pinunjul katilu. Déwan juri rada ragot. Aya anu ngasongkeun judul film péndék Ajeg Ngadeg, tapi aya ogé anu teu ngarojong. Perkara téknik garapan kawilang punjul, méh taya cawadeunana perkara sinematografi mah. Tapi héngkér dina carita. Dalang anu teu bisa maén deui dina TV, solusina muka channel Youtube. Hal biasa, anu tumiba lain baé ka dalang. Dina harti, solusi atawa jalan kaluarna mémang geus jadi hal anu biasa.
Malah dina sisi carita mah jelas leuwih punjul Duét Maut anu diékranisasi tina carpon karya Darpan atawa Jang Oman anu diangkat tina carpon karya Karna Yudibrata. Kahéngkéranna tina téknis jeung kaaktoran. Duanana kajiret ku story telling verbal anu sabenerna bisa leuwih ringkes, jeung loba kasempetan divisualisasikeun.
Husus Duét Maut, katambahan ku masalah étika garapan, mintonkeun lagu dangdut “Malam Terakhir” karya Rhoma Irama, bari dina credit title-na teu ditulis kasangtukang éta lagu. Ieu lagu kaitung raket patalina jeung kontéks carita, henteu saukur jadi ilustrasi.
Sarua jeung film Pahlawan Panungtung  anu mintonkeun instruméntal Indonesia Pusaka karya Ismail Marzuki, bari teu disebutkeun nu boga karyana. Padahal, nilik kana garapanna, film Pahlawan Panungtung kaasup anu nyongcolang dibandingkeun jeung karya-karya film séjénna. Sarua jeung film Duét Maut, ieu musik kalintang raket patalina jeung konteks carita. Kahudangna tokoh utama pikeun singkil ngagali lobang kuburan keur ngurebkeun layon covid-19, bisa jadi kahudang ku rumpaka “Indonesia Pusaka”.
Film Jang Oman kabantuan pisan ku naskah carpon.  Hanjakal  teu pati gemet ngaeksplorasi adegan jeung logika. Tokoh indung anu make saléndang bari niup songsong di hawu atawa dina dialog séjénna di jero imah, kalintang ngaganggu lantaran sakapeung bari ngahihidan awakna. Hartina hareudang. Lamun hareudang, naha meni kudu disaléndang sagala. Manahoréng saléndang téh dipaké ngéprét Jang Oman anu kalakuanna pikakeuheuleun. Padahal ngéprét jang Oman mah justru ku hihid ogé bisa. Kilang kitu, aya tarékah-tarékah anu diajénan dina film Jang Oman, siga mintonkeun duit saratus pérak jaman baheula atawa pelat nomor motor anu disaluyukeun jeung séting waktu kajadian carita.
Film péndék Sarébu  caritana cukup nyugemakeun, bisa nimbulkeun kapanasaran nu lalajo. Anu matak kayungyun, aktor utamana budak leutik anu némbongkeun ékting natural, tur matak pogot ngabandunganana lantaran hadé dina ngolah struktur dramatikna. Pisan Hanjakal tina sinématografina kurang digarap kalayan daria.
Film Péndék Kaasih anu diangkat tina Fikmin, kaitung matak pogot, sanajan loba mintonkeun adegan anu henteu pati penting. Kapunjulanana leuwih nyoko kana  aktor utama. Hanjakalna kapunjulan aktor utama jadi katingali nyongcolang sorangan, lantaran  pamaén séjénna kurang bisa ngimbangan aktor utama.

Kaputusanana

Sabada dipadungdengkeun ku déwan juri, ahirna sakabéh déwan juri sapuk pikeun tetep mertahankeun standar kualitas film anu nyoko kana hasil pasanggiri film péndék taun 2021. Ku kituna, tina 64 judul film péndék taun ieu, tacan aya nu merenah dilélér pinunjul kahiji, kadua, atawa katilu.
Déwan juri ukur bisa mutuskeun 5 judul film péndék satata, pikeun dilélér hadiah ku panitia. Naon Pinunjul Satata téh? 5 pinunjul satata téh mangrupa hasil meunteun déwan juri, anu kaitung pangpunjulna diantara 64 peserta. Bisa disebut pinunjul harepan anu kualitasna dianggap satata, tur henteu aya peringkatna, sarta jumlah hadiahna ogé tangtu dirékoméndasikeun sarua.
Dina hal ieu, déwan juri ogé daék teu daék kudu sakaligus jadi “jubir” panitia pikeun ngécéskeun ieu kaputusan. Taya patula-patalina jeung waragad keur hadiah. Dina harti, ieu kaputusan téh bener-bener nyoko kana standar kualitas film péndék anu diajén, lain ku lantaran panitia teu bogaeun waragad pikeun méré hadiah ka pinunjul hiji, dua, jeung tilu. Malah, pikeun ngabuktikeunna déwan juri ngarékoméndasikeun sangkan ngalélér  hadiah ka para pinunjul satata, anu total hadiahna sarua jeung waragad anu disiapkeun ku panitia.
5 Film Péndék Pinunjul Satata “Pasanggiri Film Péndék Piala Duduh Durachman Taun 2022”:
Sarébu (Bonti Cinema, Kabupatén Kuningan)
Ajeg Ngadeg (Bonti Cinema, Kabupatén Kuningan)
Kaasih (Cilegeh TV, Kabupatén Indramayu)
Jang Oman (MMC Production & Punakawan Pictures, Kabupatén Ciamis)
Nu Mulang Ti Dayeuh (Vulpecula Pictures, Kabupatén Bandung Barat)
 
Ieu kaputusan teu bisa diganggu gugat, ditetepkeun ngaliwatan rapat virtual, 19 Fébruari 2022
 
Déwan Juri
Budi Mugia Raspati
Deden Abdul Aziz
Dhipa Galuh Purba
Evi Sri Rezeki
Nazaruddin Azhar

Sabudeureun Basa Indung