Payung hukum pikeun miara basa daérah di Indonésia téh geus écés naker, nyaéta Undang-undang Dasar 1945, Undang-undang Nomer 24 Taun 2009, nepi ka rupaning Peraturan Daérah di tingkat provinsi jeung kabupatén/kota. Basa Sunda gé boga panyatur nu poténsial, kadua pangréana di Indonésia. Cék sakaol, jumlah-jamléhna leuwih ti 30 juta. Hanjakalna téh, jumlah sakitu teu sabanding jeung panitén masarakan kana basana sorangan. Malah beuki dieu tambah nyirorot, pangpangna dina nyangkem ajén-inajén budaya nu ditulis maké basa Sunda.
Mana komo sabada urang Sunda kalibet dina masarakat digital. Tarékah pikeun miara basa Sunda maké cara konvénsional téh mimiti karurud. Buku-buku Sunda ayeuna mah beuki teu payu, média citak gé mimiti areureun. Tapi pilihan pikeun ngamekarkeun média anyar gé réa kénéh rurubedna. Lian ti pasualan téknis dina nyangkem basa jeung téknologi, basa Sunda masih dianggap can boga ajén jual, upamana pikeun jurnalimeu online atawa kontén lianna dina internét.
Ku kituna, mekarkeun basa Sunda di jaman digital téh kudu kudu maké gerakan nu percéka, rancagé, gumulung, jeung dipigawé babarengan. Ieu program gé ancer-ancerna mah rék kawas kitu.
Dina Sidang Umum ka-30 PBB taun 1999, tanggal 21 Pébruari ditetepkeun jadi Poé Basa Indung Internasional. Ieu téh kasang tukangna mah tina riributan démonstran “gerakan basa” di Pakistan Wétan (ayeuna Bangladesh) nu ngadongsok pamaréntah sangkan basa Bengal dipaké salah sahiji basa nasional. UNESCO tuluy nyieun émbaran sangkan sakumna nagara milu miara jeung makayakeun sakabéh basa nu dipaké ku masarakat dunya, ku cara miéling Poé Basa Indung Internasional (PBII) unggal tanggal 21 Pébruari.
Di Indonésia, nu remen kapireng unggal miéling PBII téh nyaéta kahoncéwang kana nyirorotna atawa tumpurna basa-basa daérah. Karéréaan basa indung téh mémang teu walakaya upama dipentés sina ngadadarkeun pirang-pirang élmu pangaweruh. Contona mah basa Sunda nu kakocapkeun mibanda 32 juta panyatur, danget ieu mah apan mimindengna ukur dipaké paguneman sapopoé. Dina tradisi tinulis gé semet dipaké keur widang sastra jeung jurnalistik. Ayeuna mah arang pisan bahasan paélmuan nu maké basa Sunda téh, dina ayana gé, ukur winangun tulisan pondok dina ungkara kararagok.
Ngurunyungna média sosial katut unak-anikna tétéla can bisa dipaké wada pikeun ningkatkeun fungsi basa Sunda. Malah ka dieunakeun mah, aya kesan yén basa Sunda téh ukur dipaké ngungkabkeun perkara nu teu pati daria.
Upama urang boga angen-angen pikeun mawa basa Sunda ka pakalangan nu leuwih lega, geus sawadina nyiar tarékah pikeun ngaronjatkeun fungsi éta basa.
Hiji basa bakal hirup jeung huripna upama geus mampuh dipaké ngadadarkeun naon waé. Ku kituna, perlu aya tarékah nu tuluy-tumuluy pikeun ningkatkeun fungsi basa. Vitalitas basa indung lain saukur diukur ku jumlah panyatur. Éta basa kudu dirojong deuih ku karageman fungsi minangka salah sahiji takeran sangkan jadi basa nu dibagéakeun ku masarakat dunya.
Kagiatan parayaan PBII bakal leuwih obyag upama babarengan ngokolakeunana. Di Jawa Barat aya sawatara lembaga jeung komunitas nu bisa rukun gawé pikeun ngarayakeun PBII.
Runtuyan kagiatan miéling PBII 2023 témana “Mageuhan Tatapakan Basa Indung”, réréana mah baris dilaksanakeun dina média internét. Ieu téh pikeun ngajurung sangkan basa Sunda diparaké dina média digital, kaasup wéb jeung média sosial.
Pikeun Singrancagé mah, kagiatan ngareuah-reuah PBII taun 2023 téh ngatilukalianan. Kagiatan taun 2021 jeung 2022, alhamdulillah meunang pangbagéa anu pohara. Beurat nyuhun beurat nanggung tangtuna ogé keur panitia mah. Bungah binarung reueus, da geuninganan réa kénéh urang Sunda anu daék rumojong kana kagiatan ngareuah-reuah PBII. Hartina réa kénéh urang Sunda anu gedé katineungna kana banda budayana sorangan. Sarta hal éta pisan anu ngalantarankeun panitia Singrancagé antukna kayid kudu ngagelar deui kagiatan anu kadua. Alesan anu babarina: ulah nepi ka dinaha-naha, bet geledug ces nyieun kagiatan taya tuluyna, sakitu sidik balaréa mah ngarep-ngarep.