Ganti taun nilar 2021, teu karasa geus rék anjog deui ka bulan Pébruari. Ilaharna anu sok langsung kaimpleng téh, keur urang Sunda anu gedé katiténna kana basa jeung budaya Sunda, nyaéta Poé Basa Indung Internasional (PBII) anu ditetepkeun ku Unesco unggal tanggal 21 Pébruari. Heuleut saminggu ti poé valéntinan anu sok direuah-reuah ku barudak rumaja. Bisa jadi antara duanana intina mah sarua: kahéman, kadeudeuh, jeung kanyaah. Ngan meureun lebah cara mintonkeunana anu béda téh. Lain ku cara ngasongkeun kembang bari kedal ungkara "I love you". Tapi ku cara mancegkeun (deui) basa indung urang, basa Sunda, sangkan terus dipaké dina kahirupan sapopoé, dijungjung lungguh dina pajemuhan umum, dilarapkeun dina wangun aksara, malar basa Sunda beuki undak darajatna, utamana dina alam digital ayeuna.
Keur Singrancagé mah kagiatan ngareuah-reuah PBII taun 2022 téh ngaduakalianan. Kagiatan anu kahiji taun 2021 kamari, alhamdulillah, tétéla meunang pangbagéa anu pohara. Beurat nyuhun beurat nanggung tangtuna ogé keur panitia mah. Bungah binarung reueus, da geuninganan réa kénéh urang Sunda anu daék rumojong kana kagiatan ngareuah-reuah PBII. Hartina réa kénéh urang Sunda anu gedé katineungna kana banda budayana sorangan. Sarta hal éta pisan anu ngalantarankeun panitia Singrancagé antukna kayid kudu ngagelar deui kagiatan anu kadua. Alesan anu babarina: ulah nepi ka dinaha-naha, bet geledug ces nyieun kagiatan taya tuluyna, sakitu sidik balaréa mah ngarep-ngarep.
Kagiatan ngareuah-reuah PBII taun ayeuna moal pati jauh béda jeung taun kamari. Angger maké padika rukun gawé antar lembaga-organisasi-komunitas, sakumaha anu kaunggel dina logo-logo poster. Atuh Singrancagé ogé ngahiap-hiap ka lembaga-organisasi-komunitas séjénna anu boga niat hayang milu aub ngareuah-reuah PBII kalawan babarengan. Wangun kagiatanana mah bisa naon waé. Kari engké dibadamikeun, disaluyukeun jeung rarancang anu geus aya. Bubuhan anu pangpentingna mah guyubna téa. Paheuyeuk-heuyeuk leungeun, paantay-antay tangan, sareundeuk saigel ngariksa basa Sunda.
Tina hasil babadamian panitia, aya opat rupa kagiatan anu bakal digelar dina ngareuah-reuah PBII ayeuna téh: (1) sawala maya (wébinar) basa jeung sastra nusantara (jadwal nyusul diumumkeun); (2) gerakan kampanyeu basa indung; (3) rupa-rupa pasanggiri, jeung (4) puncak acara tanggal tanggal 21 Pébruari anu bakal ditayangkeun live streaming.
Husus ngeunaan pasanggiri, dina rarancang mah aya dua welas pasanggiri anu bakal dipadungdungkeun téh, ditambah hiji Hadiah Sastra LBSS pikeun meunteun sakur karya kréatif (carpon, puisi, éséy) anu kungsi dimuat dina média salila taun 2021. Tina dua welas pasanggiri, sapuluh pasanggiri geus aya lembaga anu nanggelna, alias geus bisa prak dilaksanakeun sanajan sabagian waragadna aya nu tacan gembleng. Tapi aya dua pasanggiri masih kénéh dina tahap réalisasi, nyaéta Pasanggiri Vidéo Nadoman jeung Olimpiadeu Basa Sunda Tingkat Guru (anu réngkolna dibéntangan dina poster). Nya ngaliwatan ieu publikasi, panitia Singrancagé miharep muga-muga baé aya pihak anu katoél haténa pikeun milu mantuan ngawujudkeun ieu dua pasanggiri. Saenyana salian ti Pasanggiri Vidéo Nadoman jeung Olimpiadeu Basa Sunda Tingkat Guru, aya dua pasanggiri deui anu can puguh bulé hideungna, sarta teu ditulis dina poster. Tapi keun perkara éta mah, cukup disimpen heula baé dina catetan panitia.
Salian ti éta, sanajan geus aya nu nyanggupan méré sawatara hadiah, dina émprona mah waragad nu kudu ditataharkeun téh kawilang réa rupana. Salian ti acara puncak (sélébrasi basa indung), ieu kagiatan ngalibetkeun puluh juri, puluhan panitia, aya deui piala, pakakas téknologi, jsté.
Ku kituna, kagiatan ngareuah-reuah PBII taun 2022 anu diayakeun ku Singrancagé téh tangtuna mikabutuh waragad anu gedé. Ka hareupna, panitia Singrancagé bakal muka rékening donasi keur sakur masarakat anu hayang milu ngarojong sasieureun sabeunyeureun pikeun nyukséskeun ieu kagiatan. Informasina engké bakal nyusul diwawarkeun. Sarta teu kudu dina wangun duit baé, tapi bisa ogé dina wangun séjénna. Éta mah bisa langsung ngontak kana nomer WA anu ditulis di handap.
Kawasna sakitu heula baé minangka ngawahan jeung embaranana mah. Naon rupa anu can katepikeun baris nyusul dibéwarakeun dina wébsite singrancage.id jeung akun média sosial Singrancagé (Instagram, Facebook). Pamungkas, mugia baé ieu kagiatan ngareuah-reuah PBII téh bisa lumangsung kalawan lungsur-langsar, sarta meunang rojongan di sakabéh pihak.
Pun!